RIRIWA (Kumpulan Carita Misteri)

Penulis          :  Kokom Komara

QRCBN          : 62-839-4182-980

Penyunting   : Kokom Komara

Lay out          : Neneng Hendriyani

Desain Sampul: Hawa

Cetakan Pertama, Agustus 2023

Penerbit

Cakrawala Milenia Jaya

Bumi Karadenan Permai Blok AA8 No.11-12

Cibinong – Bogor Jawa Barat

cakrawalamileniajaya@gmail.com

https://cakrawalamj.co.id

Jumlah halaman  viii + 82

Medalna buku kumpulan carita misteri anu dijudulan “Ririwa” mangrupakeun tarékah simkuring pikeun mupusti warisan karuhun sangkan basa sunda jadi pribumi di lembur sorangan  ilang tina karémpan jati kasilih ku junti.

Carmis (Carita misteri) nyaéta, karangan rékaan (fiksi) anu carita na pondok sarta ngan ukur nyaritakeun hiji kajadian atawa peristiwa. Kajadian-kajadian dina carita biasana  tacan jelas (masih jadi rahasia), tacan kanyahoan bener henteuna matak panasaran pikeun nalungtik pikeun ngabuktikeun,  dumasar kana kapercayaan diluar nalar manusa. Kayaning Sandékala, Lulun Samak, Jurig jarian, jeung sajabana. Umumna nyaritakeun hal-hal anu sifat na realistis (Kisah nyata). Kajadian dicaritakeun ku nu nulis kalayan daria, puguh anu ditepikeunana, sarta ayana hiji masalah, puguh tokoh atawa nu ngalakonna bari ngaherepkeun sangkan ninggalkeun kesan keur nu maca.

Mugia ku ayana buku “Ririwa” ieu anak incu leuwih resep maca tur diajar basa sunda nu tangtu regreg tur bungah ngagunakeun basa sunda dina kahirupan sapopoé. Carita Misteri dina buku “Ririwa” mangrupikeun carita nu kaalaman ku nu nulis ti keur budak nepikeun ka kiwari, meunang ngarékayasa dijadikeun carita fiksi tur jentulna siga kieu. Nu dipiharep ku nu nulis sangkan urang leuwih taqwa tur percaya ka mahluk damelan Pangéran, nu tangtuna urang bakal leuwih ningkatkeun ka imanan jeung ka taqwaan. Hatur nuhun ka pinisepuh turta kanca mitra sadaya, kana pangdeudeul sareng pangrojongna.

Bilih aya nu kabadug kalbu kagedag manah, kabentur tuur kabéntar taar, kababuk punduk kapangkék kélék, kaciwit imbit katajong tonggong sareng bobokong. Saupami aya carita nu nyeplés sami, jenengan, tempat atanapi naon baé dina carita minteri ieu rupina mung kaleresan hungkul.  Hapuntenna anu kasuhun.                                                    

Bungursari,  Juli  2023

Nu nyusun

Kokom Komara

Panganteur iv

Pangjajap ti Ibu Pupuhu Sakola. vi

Testimoni Pengawas Bina Korwil II Bungursari vii

Daftar Eusi viii

Nu Ngajentul Sisi Walungan. 1

Sumur Kondang. 5

Leuweung Kebon Kembang. 9

Rèl Karèta. 11

Bèl Ruksak. 15

Batur Ulin Moyèt 19

Kakereum di Kantor 22

CCTV Sakola. 27

R  I  R  I  W  A.. 31

Sora Ghoib. 36

Ku Eureup-Eureup. 41

Disumputkeun Jurig. 44

Dilinglungkeun. 49

Kasirumahan. 55

Leuwi Orok. 62

Lulun Samak. 69

SANDÉKALA.. 74Perkawis Nu Nyerat 79

Midang Togé Munggaran

Penulis: Aas Wastinah

ISBN : 978-623-6581-09-4

Editor: Umi Komara

Lay out: Neneng Hendriyani

Desain Sampul: cahsantri

Nyieun sajak hususna sajak Sunda, lain perkara gampang. Butuh waktu pikeun ngotrétkeun ideu jadi runtuyan kalimah anu ngawirahma tur munel ka eusi haté pangarangna, nu dipalipirkeun (diksi) dina unggal padalisan. Saperti Buku Sajak pondok nu katelah sajak Sunda Togé.

Puisi TOGÉ mangrupakeun akronim “Tiga Ornamen Genap”. Lamun dibéjérbéaskeun saperti kieu, tilu hartosna sapadana aya tilu palalisan. Judulna bisa sa kecap atawa leuwih. Ornamén hartosna dina sapadalisanana aya opat engang Genap hartosna sapadana aya dua welas engang.

Estetis, semantis, diréka ku pilihan kecap (diksi) nu murwakanti sangkan ngeunaheun dibacana. jeung lain mangrupakeun kalimah nu nyambung tapi unggal padalisan miboga harti nu mandiri.

Buku Tunggal kumpulan Puisi Togé nu diserat ku Aas Wastinah anu judulna “Midang Togé Munggaran” aya harepan bisa jadi referensi utamana pikeun panglengkep, suplémén, pendamping buku utama, dina pangajaran Basa Sunda utamana pangajaran Sajak. Leuwih jauh bisa kaala mangpaatna pikeun ngaronjatkeun wiwaha pangajaran Basa Sunda di masarakatna turta bisa ngagedurkeun sumanget kreativitas tulis-tinulis.