Kumpulan Carita Lucu: Borangan (Ngabodor Sorangan)

Kumpulan Carita Lucu: Borangan (Ngabodor Sorangan) Editor: Umi Komara Lay Out: CMJ Cover designer: CMJ Cetakan Pertama, September 2025. QRCBN : 62-839-2917-282

Buku “Borangan” atanapi Ngabodor Sorangan
mangrupikeun buku kumpulan carita lucu atawa nu pikaseurieun,
carita-carita nu ditulis mangrupakeun pangalaman nu kaalaman
sapopoé, boh pangalaman sorangan atawa pangalaman batur anu
katémpo. Mimitina ditulis pikeun bahan lomba dina kagiatan FTBI
nu diayakeun di Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta. Bahan
bahan anu ditulis dikumpulkeun dina buku ieu. Sangkan bisa kapaké
ku barudak dina waktu latihan.
Borangan (ngabodor sorangan) digagas ku Taufik
Faturohman taun 2012. Mangrupakeun pembaharuan ti budaya tutur
urang Sunda nu asalna tina dongéng. Sajatina borangan lain
ngadopsi budaya luar (stand up comedy), tapi mangrupakeun
pengembangan nu pernah dilakukeun ku Jamar Media saparakanca
dina lawakan sorangan. Borangan jadi salah sahiji program acara
televisi Lokal IMTV (I-News TV) nu cukup dipikaresep ku
masyarakat.

Cover Ngabodor (sumber: CMJ)

Halodo

Assalamualaikum Wr. Wb.
Sampurasun …!
Nonton Timnas Indonésia
Jajan seblak di Bi Éuis
Ku sono ka sadayana
Ti nu séksi tur nu geulis
Kuéh donat reujeung wijén
Diical di alun-alun
hormat ka girang pangajén
Hapunten tos kumawantun
Para wargi kumaha daramang?
Di urang ayeuna keur usum halodo. Tos sababaraha dinten
kapengker cuaca téh meni panas pisan. Ku panas-panasna cuaca,
buuk kuring jadi tutung hideung. Teras ku ayana halodo ieu,
pepelakan jadi gagal panén sabab sawahna gararing. Malah aya
kajadian di lembur kuring, éta aki-aki jeung nini-nini melak paria di
kebon, naha sadaya buahna téh bet parait, teu aya nu haseum-haseum
acan, komo amis mah. Karunya teuing.
Pamiarsa ….
Sim kuring mah sok bingung ngabandungan jalmi-jaman kiwari.
Dipasihan halodo sok rumahuh, ngutruk alias kukulutus. Cenah
hareudang bayeungyang, panas ngahéab, taneuh gararing, awak jadi
hideung. Tapi mun dipasihan usum hujan, sok ngarep-ngarep iraha
halodo, tiris jeung sok banjir cenah. Ari kanggo sim kuring mah teu

aya masalah, rék hujan, rék halodo, sami-sami anugrah rizki ti Gusti
Allah nu kedah disyukuri. Leres teu?
Teu kudu rungsing dipaparin halodo da jaman kiwari mah tos aya
panangkal anti panas, anti hareudang jeung anti hideung. Cing naon
ari panangkal anti panas jeung hareudang? Ari panangkal anti
hideung naon? Aya nu apal teu?
Pamiarsa cobi tingali body abdi, putih mulus. Ceuk babaturan mah
abdi téh alus rupa siga artis. Imbitna siga biola Itali. Socana
cureuleuk siga Agnés Monica.
Padahal sim kuring mah tara ka salon da mahal biaya perawatanana.
Cekap ku dibalur ku handbody jeung ku skincare. Cobi tingali,
pameunteu abdi, kinclong kan?
Pamiarsa.
Supaya ieu rohangan jadi adem, sim kuring badé tatarucingan. Mun
tiasa nebak, dipasihan hadiah ku goyangan ala Nadira. Siap?
Hayam rintit nonggéng ka langit? Ganas.
Bujurna ditiup, awakna dirampaan? Suling.
Aya leungeun teu ramoan aya beuheung teu sirahan? Baju.
Awakna ditincak beuheungna dicekék? Sandal jepit.
Goyang….
Sakitu anu kapihatur.
Wassalamualaikum wr.wb.

Sisi Basisir Laut Kidul: Kumpulan Carita Pondok

Hak Cipta Dilindungi Undang-undang

All Right Reserved

Penulis          :  Ooh Munawaroh

QRCBN         :  62-839-9462-183    

Penyunting   :  Kokom Komara

Lay out          : Tim CMJ

Desain Sampul: Hapiah Wardah

Cetakan Pertama, Januari 2025

Jumlah halaman  viii+128

Pangdedel

Ngamumulé budaya sarta sastra Sunda. Jadi kawajiban urang salaku urang sunda, rék ku saha deui atuh ari lain ku urang mah da batur mah moal daékkeun. Ari lain bangsa Panjajah nu ngajajah urang jaman baheula. Basa Sunda nepikeun ka dipaling dibawa ka nagarana. Kunaon meureun? Manéhna apaleun yén basa sunda téh gedé ajéna pisan.

Numatak urang salaku urang Sunda abong deui lamun ngamomorékeun basa sorangan. Ku ayana Buku Carpon “Sisi Basisir Laut Kidul” nu diserat ku Ibu Ooh Munawaroh, S. Pd, Ibu pupuhu di SDN 2 Cihérang Kacamatan Pasawahan Kabupaten Purwakarta éstu ngareueuskeun pisan.    Basa Sunda téh geuning masih hirup tur dipikaresep ku guru-guru. Luyu jeung program Dinas Pendidikan Purwakarta 7 Poé Atikan Purwakarta Istimewa anu salah sahijina nyaéta Maneuh di Sunda.

Mugia buku ieu mangpaat pikeun dunia atikan hususna Sastra Sunda. Nu tangtuna bisa ngeuyeuban perpustakaan sakola.

      Pasawahan, 01 Januari 2025

Korwil VI Kec. Pasawahan

Hj. Ida Hidayah Heriani, S. Pd

Pangbagéa

Tarékah pikeun namperkeun imajinasi dina wangun karya sastra mangrupa kumpulan carpon ieu téh tangtosna kedah pisan diapresiasi. Sabab karya nu lahirna tina imajinasi gedé pisan ajénna. Buktos tina karacagéan Ibu Ooh Munawaroh S. Pd., Pupuhu SDN 2 Cihérang di widang Literasi ka wilang saé pisan. Salaku tuladan turta pikeun tumuwuhna rasa kadeudeuh kana Basa karuhun urang sadayana nyatana Basa Sunda.

            Wilujeng Bu, mugia Buku kumpulan carpon anu Judulna “Sisi Basisir Laut Kidul” janten pamuka lawang kanggo medalna buku-buku anu sanésna.

Pasawahan, 01 Januari 2025

           Editor

                                                  Umi. K

Daftar Eusi

Panganteur. iii

Pangdedel v

Pangbagéa. vi

Daftar Eusi vii

Sisi Basisir Laut Kidul 1

Paria Gènggè. 13

Toren. 23

Salah Mawa. 28

Hihiliwiran. 33

Nyiliwuri 37

Ceukay. 58

Nu Baris di Tengah Peuting. 69

Nini -Nini Cetuk Huis. 80

Voice Note. 84

Ngajirim… 91

Panyanggi 101

 

Rumpaka Jati Diri Ki Sunda (Sajak Akrostik)

Hak Cipta Dilindungi Undang-undang

All Right Reserved

Penulis          :  Dedi Mulyadi

QRCBN         :  62-839-6335-400

Penyunting   :  Kokom Komara

Lay out          : Tim CMJ

Desain Sampul: Hapiah Wardah Cetakan Pertama, September 2024

Buku “Rumpaka Jati Diri Ki Sunda” mangrupikeun buku kumpulan sajak akrostik Sunda sanaos seueur kènèh kakirang mugia janten angliur manah anu seneng maos sajak Sunda.  Arkostik asalna tina bahasa Yunani, Akrostichis, nu hartosna   sajak nu huruf awal baris nyusun hiji kecap atawa kalimah. Sajak Akrostik biasana ngagunakeun aksara mimiti nu aya dina ungal kecap mimiti. Sajak akrostik bèda jeung sajak nu lian   sabab huruf – huruf mimiti unggal baris   ngeja kecap nu dibaca kalawan vertikal. Pola rima jeung jumlah baris dina sajak akrostik bisa rupa- rupa sabab sajak akrostik leuwih ti sajak deskriptif nu ngajelaskeun kecap-kecap nu dibentuk.

DEDI MULYADI

Datang tandang makalangan

Estuning hariring manjang mapay peuting

Duriat geus mangsana manjangan, jungjunan

Impian biheung kasorang, …


Mapag saban harepan

Ulah ceurik jadi jalma leutik

Langgam angin, hiliwirna melang mapay gigir manah

Yaaa … Robii, Yaa Ilahi … ngan ukur kecap èta nu kedal
Aya kukupu eunteup ngeukeupan bangbaluh

Dina samporètna peuting

Impian pikeun ngahontal harepangan

SAMPURASUN

Simkuring ti Sunda tulèn  haturan wilujeng sumping

Aya kabingah tepang jeung baraya

Matéahkeun saban impian

Piligenti ngagali wanci

Urang mumulè tur ajènan budi paragi  urang   
Rupa-rupa warna ngajajar

Angkeuhan  diurus tur dipiara sing hadè

Sagala rasa nyangkaruk dina kalbu

Ungkara natrat na kongkolak

Nyakseni ajen Sunda kiwari