Midang Togé Munggaran

Penulis: Aas Wastinah

ISBN : 978-623-6581-09-4

Editor: Umi Komara

Lay out: Neneng Hendriyani

Desain Sampul: cahsantri

Nyieun sajak hususna sajak Sunda, lain perkara gampang. Butuh waktu pikeun ngotrétkeun ideu jadi runtuyan kalimah anu ngawirahma tur munel ka eusi haté pangarangna, nu dipalipirkeun (diksi) dina unggal padalisan. Saperti Buku Sajak pondok nu katelah sajak Sunda Togé.

Puisi TOGÉ mangrupakeun akronim “Tiga Ornamen Genap”. Lamun dibéjérbéaskeun saperti kieu, tilu hartosna sapadana aya tilu palalisan. Judulna bisa sa kecap atawa leuwih. Ornamén hartosna dina sapadalisanana aya opat engang Genap hartosna sapadana aya dua welas engang.

Estetis, semantis, diréka ku pilihan kecap (diksi) nu murwakanti sangkan ngeunaheun dibacana. jeung lain mangrupakeun kalimah nu nyambung tapi unggal padalisan miboga harti nu mandiri.

Buku Tunggal kumpulan Puisi Togé nu diserat ku Aas Wastinah anu judulna “Midang Togé Munggaran” aya harepan bisa jadi referensi utamana pikeun panglengkep, suplémén, pendamping buku utama, dina pangajaran Basa Sunda utamana pangajaran Sajak. Leuwih jauh bisa kaala mangpaatna pikeun ngaronjatkeun wiwaha pangajaran Basa Sunda di masarakatna turta bisa ngagedurkeun sumanget kreativitas tulis-tinulis.